Langsung ke konten utama

Sukabumi Tatar Sunda nu Asri


Sukabumi mangrupakeun salah sahiji daérah bagéan ti Jawa Barat, nu ngagaduhan mangrupi-rupi kaunikan anu ngabéntenkeun jeung daérah séjéna. Salah sahiji unikna nyaéta Sukabumi téh mangrupakeun daérah kadua pang ageungna di Pulau Jawa anu ngagaduhan wilayah 4.162 km. 

Sanajan legana éta wilayah Sukabumi sabalikna, Kota Sukabumi anu aya dijero wilayah Kabupaten Sukabumi mangrupakeun Kota anu ngagaduhan lega wilayah pangalitna di Indonesia. Nyaéta legana mung sakur 48,32 km pasagi. 

Mun ditilik dina wates-wates wilayah nyaéta wates Sukabumi mah diantawisna di palih kalér watesna jeung Kabupaten Bogor, palih kulon sareng Kabupaten Lebak, Banten, palih wétan mah sareng Kabupaten Cianjur jeung ka palih kidul mah watesna jeung Samudra Hindia. 

Sukabumi mah dicepét ku tilu gunung nyaéta gunung salak, gunung gedé jeung gunung pangrango. Kukituna, Sukabumi jadi salah sawios daérah anu hawana tiis tur iuh. Pangpangna lamun peuting ka janarikeun. 

Sasakala Sukabumi

Sukabumi asal kecapna tina dua kecap nyaéta suka jeung bumi, nu hartosna bumi anu dipikasuka atawa dipikaresep.  Aya ogé anu ngajéntrékeun dina sapalih katerangan yén Sukabumi téh kawitna dina kecap Soeka jeung Bumen. 

Caritana basa keur jaman Walanda ngajajah Indonesia di tanah priangan nyaéta sakumna lemah cai Jawa Barat. Dina kaping 13 Januari 1815 Andries Christoffel Johannes de Wilde nyaéta salah saurang Preanger Planter atawa orang Éropa anu muka lahan di Indonesia keur ngebon dina mangsa kolonialisme ngintun surat ka baturna Pieter Englhard nyuhunkeun widi ka Pamaréntah Walanda yén ngaran Cikole bakal di gentos ku Sukabumi. Tuluy éta paménta téh di widian kaping 13 Januari 1815.

Tempat Pangulinan Di Sukabumi

Sukabumi ngagaduhan sawatara tempat anu asri, tiis tur bakal pibetaheun. Kukituna moal apdol lamun, ulin ka Sukabumi mung teu nepungan tempat-tempat ieu. Tempat di Sukabumi anu kawéntar ku kaéndahan alamna diantawisna nyaéta di daérah kidul aya anu namina Geopark Ciletuh. 

Geopark Ciletuh nyaéta mangrupakeun kawasan wisata anu aya disabudeureun wilayah Sukabumi bagéan kidul. Disebat Geopark sabab dina kawasan éta ngagaduhan sawatara tempat wisata anu iconic tur bisa diakses ku balaréa. Geopark Ciletuh ogé geus meunang akuan ti UNESCO ti kawit taun 2022.

Geopark Ciletuh ngagaduhan kurang leuwih sawelas tempat kanggo wisata diantawisna nyaéta puncak darma, bukit panénjoan, pantai palangpang, curug cimarinjung, curug sodong, curug cikantéh, puncak tugu, pantai ujung genténg, pantai cimaja, curug awang jeung pulau kunti. 

Salian ti Geopark Ciletuh kasebat ogé Situ Gunung di Kadudampit, Sukabumi nu ngagaduhan cukang pangpanjangna sa Asia Tenggara. cukang ieu mah wujudna nyaéta di gantung diantara dua pasir. Nu datang ka tempat ieu bakal disuguhan ku hawa tiis, asri, ku ayaan alam anu éndah tur alami. Ogé tiasa ngaraosan leumpang dina cukang gantung anu matak degdegan jajantung. 

Kulinér di Sukabumi

Salian ti tempat anu bakal pibetaheun Sukabumi ogé ngagaduhan kulinér nu moal bakal di pohokeun. Kusabab kitu, lamun ulin ka Sukabumi mah wajib menakan kulinér khas anu bakal katineung dugi iraha baé. 

Utamina lamun dulur ulin ka alun-alun tangtu bakal nepangan sagala rupa kulinér anu dijajakeunna ti peuting atawa pasosoré. Kulinér nu wajib di cobian diantawisna nyaéta sangu huduk ungu, bubur ayam bunut, sangu tutug oncom, atawa togé tauco. 

Ogé teu poho dulur kedah nyobian bandros, saté aci, seblak kuah jeung surabi haneut. Teu poho keur candakeun ka bumi tiasa ngagaleuh mangrupi-rupi oléh-oléh khas Sukabumi diantawisna kué bolu pisang, kué jahé, coklat unia cocho pangpangna nu teu beunang di kantun nyaéta moci. 

Tah, mung sakitu dulur ti kuring naon-naon baé anu ngeunaan jeung Sukabumi. Ulah lali, lamun ka Sukabumi cacandakana nyaéta moci. 

Sulaeman Daud, lahir pada 7 April 1996. Asal Sukabumi, Sekarang berdomisili di Kota Tangerang pekerjaaan buruh serabutan nyambi menulis blog biar tetap waras

Komentar

© 2020 BLOG KURING

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.