Bulan puasa nanging kur babaraha poé deui. Ilaharna, dina raraga mapag bulan puasa di Sunda mah ngagaduhan tradisi anu diwariskeun ku sepuh-sepuh nyaéta anu disebat munggahan téa. Munggahan mah entos réa nu ngeusi ku kagiatan-kagiatan sabab, mungguhan jadi salah sahiji ciri rék dongkapna bulan puasa.
Munggahan asal kecapna tina munggah nyaéta hartosna naék atanapi kaluar tina kabiasaan sapopoé. Kukituna, urang Sunda anu muslim mah gaduh kayakinan yén bulan puasa mah jadi bulan anu kedah di manfaatkeun keur ngalakukeun kabiasaan anyar anu entos teu ilahar deui.
Kitu ogé sarua jeung muslim séjéna, mapag bulan puasa téh jadi kabiasaan anu diarep-arep sabab rék nyiapkeun diri nyanghareup bulan anu mulia. Salah sahijina ku cara munggahan. Munggahan di tatar sunda seeur di eusi ku kagiatan-kagiatan anu entos janten budaya diantawisna nyaéta sapertos nyekar makam kulawarga, papajar atawa cucurak, kuramas, silih anteuran, jeung ulin ka tempat wisata tur silih hampura ka dulur jeung tatangga.
Nyekar Makam Kulawarga
Tangtu urang sadaya ngagaduhan kulawarga anu entos ngintunkeun alam dunya tipayun, rasa sedih nineungan kulawarga anu entos pupus sabab urang badé nyanghareupan bulan anu mulia ieu. Kukituna, di Sunda mah ngagaduhan adat nyekar ka makam kulawarga anu entos ngantunkeun.
Nyekar di makam kulawarga anu entos pupus janten amalan hadé pikeun mapag bulan puasa sabab, nyekar téh salah sawios sunah anu dianjurkeun ku Nabi, sangkan urang sadayana tiasa miéling kana maot yén urang gé tangtu bakal tilar dunya tur jadi motivasi keur ningkatkeun iman jeung takwa dina waktosna bulan puasa.
Papajar atawa Cucurak
Papajar atawa cucurak nyaéta salah sawios cara urang Sunda mapag bulan puasa dina poé munggahan. Papajar atawa cucurak nyaéta kagiatan botram jeung kulawarga, sadérék atawa réngréngan saparakanca. Ilaharna katuangana nyaéta mangrupa sangu liwet, lauk asin, sambel jeung lalaban. Lamun teu ngiluan cucurak mah matak ngelay.
Papajar atawa cucurak mah salian tina tradisi keur mapag bulan puasa ogé mangrupakeun cara keur nyambungkeun silaturahmi, silih asah silih asih silih asuh, sangkan duduluran panjang yuswana tur ngareketkeun deui dulur-dulur anu ilaharna sewang-sewang.
Kuramas
Salah sahiji tradisi nu jadi sunah Nabi Muhamad SAW nyaéta kuramas atawa mandi anu diniatkeun keur mapag bulan puasa. Ilaharna, di lembur-lembur mah mandina aya nu babarengan di wahangan atanapi di balong. Kulantaran jaman ayeuna mah geus modéren téa janten mandina sewang-sewang di kamar mandi.
Silih Anteuran
Dina raraga mapag bulan puasa, urang sunda ogé ngagaduhan tradisi sok olah katuangan anu ngeunah-ngeunah sapertos opor hayam jeung angeun. Ilaharna, sok silih nganteuran ka dulur-dulur sangkan tiasa tuang jeung daging hayam dina poé mimiti bulan puasa. Kadang sok dipulang deui ku angeun atawa dipulang kasep atawa geulis.
Ulin Ka Tempat Wisata
Mapag bulan puasa ogé sok digunakeun ulin-ulinan ka tempat wisata. Ilaharna mah ulinna ka laut ningali ombak atawa ka tempat pamandian nu aya disabudereunna. Niatna, lain ngan saukur ulin keur raraga mapag bulan puasa, tapi kudu diniatan tadabur alam jeung kuramas sabab janten sunah anu dianjurkeun ku Nabi.
Silih Hampura ka Dulur jeung Tatangga
Bulan puasa mangrupakeun bulan anu mulia tur suci kukituna urang Sunda mah kudu ngabogaan haté anu leuleus tur dijauhkeun dina samudaya kalepatan jeung kaluputan. Kusabab kitu, lain dina poénan lebaran wungkul tapi dina munggahan ogé sok silih ménta dihampura boh ka dulur boh ka tatangga.
Tah lur, mung sakitu panginten ti kuring mertélakeun sawatara kagiatan anu geus ilahar dilakonan dina poé munggahan. Kukituna hayu atuh urang papag ieu bulan puasa téh ku cara niatkeun haté kanggé ningkatkeun iman jeung takwa di bulan puasa.

Komentar
Posting Komentar