Langsung ke konten utama

10 Istilah Pagawéan Anu Kakaitan Jeung Paré Dugika Jadi Béas


Ahir-ahir ieu warganét direuwaskeun ku postingan salah sahiji tokoh sunda anu kaleresan kawéntar kulantaran mantena téh mangrupakeun tokoh nasional ogé nyaéta kang Dédi Mulyadi mantan Bupati Puwakarta téa. 

Dina postingan akun instagramna mantena nyarita pokna "na... ari béas naék mah sing jarerit maratan langit lir ibarat isukan rék kiamat, naha ari harga skincare naék mah caricing." cenah kitu kira-kirana.

Nah, postingan éta téh jadi ramé kulantaran béas téh mahal atuh wajar wé mereun lamun rahayat beuki ngagoak mah. Tapi, émangna ogé tatanén paré mah prosésna ogé panjang jeung ngabutuhkeun mangrupa-rupa pagawéan dugikeun jadi béas téh. 

Naon baé éta pagawéan anu aya kakaitan jeung patani paré téh? tah dihandap ieu ku kuring dijentrékeun pagawéan anu aya kakaitana jeung patani. 

1. Ngawuluku

Ngawuluku nyaéta proses nyamut sawah keur disiapkeun kanggo melak paré. Di jaman kiwari ku kamajuan teknologi ngawuluku ilaharna nganggo alat traktor nyaéta mesin pikeun nyamut disawah. Di jaman baheula mah kulantaran can aya nu ngarana mesin, masih réa nganggo tanaga munding atawa sapi. 

2. Tebar

Tebar nyaéta prosés awal ngawitan melak paré. Ilaharna, disiapkeun lahan sapasi tuluy nebarkeun binih paré sangkan engkéna binih jadi bibit anu siap keur dipelakeun di sawah. Nebar binih ogé sok naggunakeun lahan anu rada saat, jadi heunteu nguyumang ku cai sawah. 

3. Naplak

Naplak nyaéta mangrupakeun kagiatan keur ngajieun garis galur dina sawah sangkan ngabogaan gurat keur melak paréna. Fungsina nyaéta keur nyirian dimana kudu dipelakeun éta paré sangkan henteu deukeut teuing atanapi pajauh teuing. Naplak ilaharna nganggo pakakas khusus anu dijieun dina kayu disebutna taplakan. 

4. Tandur

Tandur nyaéta prosés melak paré di sawah anu geus ditaplakan. Binih anu geus ditebar jadi bibit tuluy dirapihkeun dibuntelan tuluy dipelakeun dina garis sawah. Ilaharna, tandur mah sok dibantuan ku awéwé kulantaran melakna sok rapih. Jeung mastikeun kabéh bibit nyebar sasawaheun. 

5. Nyeungceum 

Dina paré anu geus dipelakan bibit kadang aya anu saé aya ogé anu goréng dugikeun hésé tuwuhna. Bibit paré anu goréng mah ilaharna patani sok nyeungceum éta paré ku paré anu anyar. 

6. Ngarambét

Ngarambét nyaéta pagawéan ngaberesihan sawah tina tutuwuhan lianna saperti kayamang, écéng, jeung sajenis jujukutan. Tujuan tina ngarambét nyaéta supaya tumuwuhna paré henteu ka ganggu ku tutuwuhan séjéna.

7. Ngagebot

Ngagebot nyaéta prosés misahkeun siki paré dina tangkalna. Paré anu geus meujeuhna di panén tuluy di arit jeung dikumpulkeun ditengah sawah. Tuluy, paré anu geus dikumpulkeun digebotkeun kana pangagebot sejenis alatna tina kayu atawa bisa ogé digebotkeun kana batu gedé. 

8. Moé 

Moé nyaéta proses ngagaringkeun siki paré anu geus meunang digebot tadi. Ilaharna ngabutuhkeun babaraha poé keur moé paré tergantung kana kaayaan cuaca. Moé paré ilaharna mah di lapangan atawa ditempat anu lega ogé ilaharna sok dialas maké terpal. Lamun, moé kudu sabari dijagaan sabab sok loba sato anu moro kana paré sapertos hayam jeung manuk. 

9. Nutu 

Nutu mangrupakeun prosés misahkeun siki paré tina cangkangna carana ditutuan dina lisung. Misahkeun siki paré teh kacida héséna, ngabutuhkeun waktu anu panjang malahan mah bisa sapopoé. Kukituna di jaman kiwari teu kudu hésé tur capé sabab ku kamajuan teknologi mah geus aya mesin panggilangan paré. Cukup ku babaraha jam paré geus bisa jadi béas. 

10. Napi

Saenggeus paré jadi béas tuluy urang kudu napian. Napi atawa tapi éta mangrupakeun prosés misahkeun béas tina kulit arina atawa disebut ogé sérah. Napian ogé boga fungsi keur ngabersihkeun béas tina sagala kokotor saperti batu keusik. Lamun, béas geus bersih tina kokotor karék béas bisa di jual atanapi disangukeun. 

Tah dulur, mung sakitu anu kapihatur ngeunaan sagala pagawéan anu pakaitna jeung paré dugika jadi béas téh. Prosésna emang panjang kukituna urang kudu ngahargaan kana béas sangkan ngahargaan ogé kana pagawéan patani. 

Sulaeman Daud, lahir pada 7 April 1996. Asal Sukabumi, Sekarang berdomisili di Kota Tangerang pekerjaaan buruh serabutan nyambi menulis blog biar tetap waras

Komentar

© 2020 BLOG KURING

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.