Langsung ke konten utama

Ngamumulé Budaya Iket Sunda, Pamahaman Jeung Jenisna


Lur, mun ningali tokoh-tokoh Jawa Barat dina acara-acara resmi nu ngeunaan jeung kabudayaan urang sunda ilaharna sok nganggo panutup mastaka. Éta téh disebatna iket téa, sanés blangkon atanapi kopéah. Ku kituna urang salaku generasi muda kedah apal kana éta ciri khas urang sunda téh.

Saléwat émang jiga sarua antara blangkon jawa jeung iket sunda. Tapi, dadasarna mah beda pisan kumargi satiap wilayah ngabogaan ciri khas budaya séwang-séwang. Iket sunda sorangan, kawentar sabuana jeung mangrupakeun warisan budaya anu wajib dimumulé utamana nya ku urang sunda.

Naon Ari Iket Sunda Téh?

Iket sunda nyaéta asal kecapna tina iket anu hartina ngiket ngabeungkeut mastaka sakumuha cara ngagunakeunna ogé dina mastaka. Iket Sunda tiasa disebat ogé totopong atawa udeng anu hartina teu jauh béda jeung iket sunda.

Di jaman baheula mah iket sunda téh jadi lambang pikeun nagbédakeun posisi kelas sosial lalaki dina kahirupan sapopoé. Kukituna ogé iket sunda ngabogaan bentuk anu rupa-rupa salaku perlambang anu kakaitana jeung kahirupan kaagamaan, adat istiadat, jeung tokoh-tokoh anu ngagaduhan posisi sosial di hiji lembaga.

Iket sunda dijieun dina lawon segi opat anu ilaharna ngabogaan warna jeung motif rupa-rupa. Aya nu bodas, hideung, biru langit, aya oge anu rupa-rupa motifna sarupaning batik.

Iket sunda mah ngabogaan nilai anu leuwih berharga keur anu makéna sabab, nyieuna ogé merlukeun kajelian, telatén, sabar, kretivitas jeung ngabogaan nilai estetika anu luhur. Kukituna, ilaharna iket sunda anu dipaké ngagambarkeun anu makéna.

Ilaharna iket sunda sok dipapaés ogé maké pakéan tradisional sapertos kamprét, aya ogé anu maké pakéan modern nya henteu jadi matak. Ngan, pakéan tradisional leuwih mantes mun dipaké jeung iket sunda mah sabab, ngabogaan nilai filosofis nu langkung jero.

Iket sunda ngabogaan mangrupa-rupa jenisna anu dibagi ku ukuran waktu. Nyaéta iket sunda anu dipaké di jaman baheula disebat ogé iket buhun jeung iket sunda anu ilaharna dipaké di jaman kiwari atawa modéren téa.

Iket Buhun atawa Iket Jaman Baheula

Iket buhun nyaeta iket anu modélna di paké di jaman baheula. Iket buhun ngabogaan rupa-rupa modél diantawisna nyaéta iket barangbang semplak, julang ngapak, parekos jéngkol jeung parekos nangka sarta buaya ngangsar.

Iket Barangbang Semplak

Iket sunda modél barangbang semplak mah ngabogaan ciri khas nyaéta bentukna nu segi tilu ditukangeun mastaka. Lawon tukangna nyaruaan jiga barangbang semplak atawa baralak nu semplak tapi, masih ngagantung dina tangkalna. Iket nu modélna kieu mah ilaharna sok dipaké ku para jawara nu jago mintonkeun kasenian pencak silat.

Iket Julang Ngapak

Iket sunda modél julang ngapak nyaéta ngabogaan ciri khas bentukna nu siga manuk keur hiber jeung jangjangna. Ilaharna modél iket sunda kieu mah sok dipaké ku Ki Léngsér dina raraga upacara adat. Atawa ilahar ogé dipaké ku urang sunda anu entos sepuh.

Iket Parekos Jéngkol

Iket sunda modél parekos jéngkol nyaéta ngabogaan ciri khas bentukna nu segi tilu tuluy di beulitkeun kana mastaka tur ngabogaan pamatuk dina taar. Ilaharna modél iket sunda kieu mah sok dipaké ku para ningrat atawa pajabat.

Iket Parekos Nangka

Iket sunda modél parekos nangka nyaéta ngabogaan ciri khas bentukna anu segi tilu tuluy eta tuntungna diantepkeun ngareumbay kana taar. Ilaharna anu maké iket sunda modél kieu mah nyaéta jalmi anu gurung gusuh.

Iket Buaya Ngangsar

Iket sunda modél buaya ngangsar nyaéta iket sunda anu ngarupaan buaya keur ngangsar atawa ngesod. Cara maké iket modél buaya ngangsar nyaéta henteu dilipet sapertos nu sanés nanging digulungkeun tuluy disésakeun bagéan tungtungna ditukangeun mastaka sangkan katingali jiga buntut buaya.

Iket Kiwari atawa Jaman Modéren

Iket kiwari saleresna mah teu jauh béda jeung iket buhun, ngan iket kiwari mah disaruakeun jeung kaayaan jaman kiwari, fesyen jeung modél pakéan anu keur ngetrén. Aya oge modél-modél iket kiwari anu seer dipaké ku deungen-deungen diantawisna.

  • Iket Maung Leumpang
  • Iket Parekos Praktis
  • Iket Candra Sumirat
  • Iket Hanjuang Nangtung
  • Iket Praktis Makuta Wangsa
  • Iket Praktis Mancala Putra
  • Iket Batu Kincir
Tah Lur, mung sakitu panginten cutatan ayeuna mah anu ngeunaan jeung iket sunda. Ngamumulé budaya jeung warisan sunda dumasarna mah jadi tanggung jawab urang saréréa diantawisna nyaéta ngamumulé iket sunda sangkan generasi kahareup teu pareumeun obor.

Sulaeman Daud, lahir pada 7 April 1996. Asal Sukabumi, Sekarang berdomisili di Kota Tangerang pekerjaaan buruh serabutan nyambi menulis blog biar tetap waras

Komentar

© 2020 BLOG KURING

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.