Langsung ke konten utama

Rupa-rupa Sisindiran jeung Contona

 


Sisindiran jaman kiwari geus jarang dipake dina laku lampah urang sunda. Tapi sahenteuna urang salaku generasi muda kudu nyaho yen ti jaman baheula urang sunda mah entos wanoh kana budaya sisindiran. Ilaharna sok dipake heuheurayan jeung barudak atanapi dipake dina acara pagelaran budaya. Supaya leuwih nyaho kana sisindiran hayu urang regepkeun tulisan ieu sangkan leuwih jentre. 

Naon Ari Sisindiran Teh?

Sisindiran kecap asalna tina kecap "sindir" anu hartina nyaeta henteu terus terang atawa henteu ku cara langsung. Sisindiran nyaeta mangrupakeun puisi tradisional anu ilahar disebat pantun tea mun dina basa Indonesia mah. 

Sisindiran sorangan entos tumuwuh ti kawit abad 16-an sakumaha parantos dicutat dina buku nu judulna Seni Tutur Madihin : Ekspresi Bahasa dan Sastra Banjar yasana kang Abdul Salam. Tumuwuhna sisindiran di kahirupan urang sunda disarengan jeung tumuwuhna sastra sapertos carita pantun, dongeng, guguritan jeung jangjawokan. 

Sisindiran diwangun tina dua bagian nyaeta aya anu disebat cangkang nyaeta mangrupa sampiran jeung aya oge anu disebat eusi nyaeta eusi dina eta sisindiran. Sisindiran mah ilaharna dipake sabari nyalse jeung sifat gampang kaharti tur luwes. 

Rupa-rupa Sisindiran

Sisindiran teh kabagi tilu nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Sakur rupa-rupa sisindiran eta negabogaan sifatna sewang-sewang diantawisna nyaeta paparikan mah ngabogaan sifat silih asih, rarakitan mah ngabogaan sifat piwuruk, jeung wawangsalan mah ngabogaan sifat sesebred. 

Sisindiran Paparikan

Paparikan asal kecapna tina parek anu ngabogaan harti nyaeta deukeut. Paparikan oge ngabogaan pola nu sarua jeung pantun nyaeta diwangun ku cangkang jeung eusi sarta ngabogaan pola sajak a-b-a-b anu ilaharna aya 4 baris. 

Contona pek regepkeun dihandap ieu. 

Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngarumay ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono pateupang di jalan

Sisindiran Rarakitan

Rarakitan oge tiasa disebat papasangan. Disebat rarakitan teh pedah diawal baris sampiran diulang deui dina bagean eusina. Sangkan leuwih kaharti sok regepkeun ieu conto sisindiran dihandap. 

Aya budak mawa casan
Hanjakalna can dibeuli
Aya budak geulis pisan
Hanjakalna tara mandi

Sisindiran Wawangsalan

Wawangsalan nyaeta sisindiran anu ngabogaan sifat tatarucingan. Anu ilaharna diwangun tina dua baris kalimah. Baris kahiji nyaeta mangrupa kalimah sampiran anu kudu ditebak. Baris kadua ngeunaan eusi eta sampiran anu disumputkeun. 

Sangkan leuwih kaharti sok regepkeun conto dihandap ieu!

Teub beunang di hurang sawah
Teu beunang dipikameumeut

Dina baris kahiji aya sampiran anu kecapna "hurang sawah" di baris kadua aya kecap "dipikameumeut". Jadi mun dihartikeun naon ari hurang sawah teh nyaeta "simeut". Jadi wangsalna dina eta sisindiran nyaate simeut.

Sakitu panginten hal-hal anu ngeunaan jeung sisindiran mah. Saentos mikawanoh hayu urang sami-sami ngamumule ieu budaya sastra anu hirupna di buana sunda mangabad-abad lamina ulah dugika pareum sabab mangnyaahkeun pisan hargana. 
Sulaeman Daud, lahir pada 7 April 1996. Asal Sukabumi, Sekarang berdomisili di Kota Tangerang pekerjaaan buruh serabutan nyambi menulis blog biar tetap waras

Komentar

© 2020 BLOG KURING

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.