Langsung ke konten utama

Mikawanoh Beubeugig Sawah Sobat Dalit Patani

 Lamun dina mangsa urang ulin ka sawah, sakapeung sok aya beubeugig sawah nu di tanggeurkeun di tengah-tengah sawah. Beubeugig ilaharna boga bentuk ngarupaan jelema atau sasatoan di papaes sangkan bisa katingali pikasieuneun. 

Naon Ari Beubegig Teh?

Beubeugig nyaeta boneka atawa replika anu ngarupaan jelema atawa sato nu sok ditenggerkeun di tengah sawah, kebon, atanapi lahan sejena. Tiap daerah biasana ngabogaan rupa-rupa beubeugig tapi nu sarua mah nyaeta fungsina. 

Beubegig mah fungsi utamana nyaeta pikeun ngusir hama sapertos manuk, beurit, simeut jeung nu sejena. Hama eta biasana sok ngarusak kana bungbuahan, siki, atawa dangdaunan anu vital kana tumuwuhna pare atawa tatangkalan sejena. 

Beubeugig mah bisa disebat oge sobat dalit patani, nyaeta kusabab fungsina nu ngajagaan tutuwuhan dina serangan hama. Ibaratna beubegig teh jadi alat keur interaksi jeung manuk atawa simeut yen manehna ulah dugikeun ngarusak eta tutuwuhan. 

Ilaharna beubeugig teh aya nu ditenggerkeun wungkul atawa di pasangan tali, tuluy eta si tali digantungan kaleng susu urut jeung dieusian batu dijerona. Mun ka anginkeun tea mah bakal ngaluarkeun sora gumirincing sangkan manuk rareuwaseun jadi teu wanieun nyolong siki pare. Aya oge anu tali dikaitkeun ka saung nu bisa digerakeun langsung ku patani. 

Kumaha Nyieun Beubeugig?

Nyieun beubeugig mah teu ngabutuhkeun ka ahlian husus. Tapi, nyieun beubeugig teu sakarepna oge sangkan beubeugigna kuat jeung bisa digerakkan oge moal runtuh ninggang katebak angin. Nu utamana, nyieun beubegig kudu aya alat-alatna. 

  1. Alat-alat anu dibutuhkeun keur nyieun beubeugig nyaeta kayu dua leunyeur, pakakas saperti palu, paku, bedog. Tuluy, siapkeun oge baju butut anu urut tapi seseg keneh, tali, karung goni keur huluna, jeung tali rapia atawa tali tina kulit gebog cau, oge bisa nyiapkeun jarum jeung benang keur ngajait nyambungkeun. Keur eusiana bisa tina jarami atawa dangdaun garing atawa lamak. 
  2. Jieun palang ngarupaan salib keur awak jeung leungeuna. Tuluy paku ditengahna sangkan ajeg. 
  3. Pakekeun eta baju urut jeung calana kana palang. Tuluy eusian ku jarami atawa nu sejenan sangkan ka tingali aya eusian. 
  4. Talikeun ujung-jeung ujungna, atawa bisa oge ditambahan sarung leungeun tuluy dijaitkeun kana bajuna. 
  5. Keur huluna bisa dijieun tina karung goni tuluy di asupkeun kana palang jeung ditalikeun sangkan ngarupaan sirah jelema. 
  6. Tambahana, urang bisa moleskeun spidol kana eta hulu keur nyieun panon jeung biwirna. Bisa di tambahan oge make topi atawa cetok. 
Tah mung sakitu ti kuring anu ngenaan jeung beubegig sawah. Susuganan jadi mangpaat jeung bisa di praktekeun di imah keur ngajagaan sawah tina hama. 

Sulaeman Daud, lahir pada 7 April 1996. Asal Sukabumi, Sekarang berdomisili di Kota Tangerang pekerjaaan buruh serabutan nyambi menulis blog biar tetap waras

Komentar

© 2020 BLOG KURING

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.