Ucing-ucingan mah geus teu bireuk deui keur barudak sunda mah. Sabab, ucing-ucingan jadi kaulinan barudak sapopoe keur ngeusi waktu nyalse sangkan dimangpaatkeun ku ulin jeung babaturan. Sanajan jaman kiwari jarang barudak arulin di buruan tapi sahenteuna barudak mah ulah dugika mopohokeun naon anu jadi budaya urang sunda.
Ucing-ucingan bisa disebat budaya kulantaran ucing-ucingan jadi ciri khas jeung kabiasaan barudak sunda. Ilaharna mah, barudak sok ulin ucing-ucingan teh di buruan imah, lapangan, sawah, atawa sakolaan dina jam-jam istirahat.
Naon Ari Ucing-ucingan teh?
Ucing-ucingan asal kecap tina ucing nyaeta sato anu lucu, lincah jeung resep moro beurit. Ucing-ucingan ngagambarkeun yen barudak sunda teh kudu lincah, kuat jeung bisa hudang tina kaayaan teu daya teu upaya.
Kukituna, ucing jadi ikon khas kaulinan tradisional barudak sunda anu pakaitna jeung sabudereun lingkungan masyarakat, oge diulinkeun ku lobaan. Kusabab diulinkeun ku lobaan barudak boga aturan nu kudu diturut ku kabehan.
Sanajan aturan ucing-ucingan henteu mangrupakeun tulisan, tapi sadayana nu jadi pamaen dina satiap ucing-ucingan kudu satuju. Ilaharna keur nangtukeun saha ucingna nyaeta barudak sok ngaguna kakawihan misalna,
Hom Pim Pah
Cing Ciripit
Ban Karet
Jeung masih loba kakawihan lianna keur nangtukeun saha nu jadi ucingna. Ilaharna mah, nu jadi ucing nyaeta barudak nu eleh dina eta undian nu bari dikawihkeun.
Rupa Ucing-ucingan Nu Ilahar di Ulinkeun Barudak
Saleresna urang sunda mah loba pisan rupa ucing-ucingan teh. Malahan mah tiap daerah oge boga ciri ucing-ucingan sorangan nu teu dibogaan ku daerah lainna. Kulantaran mun dijentrekeun deui mah bakal pabuliwet jeung moal cukup, pek regepkeun ieu babaraha rupa ucing-ucingan nu entos ilahar diulinkeun ku barudak.
Ucing Lumpat
Ucing lumpat nyaeta rupa ucing-ucingan nu tugas utamana ngudag barudak sangkan ngagantikeun jadi ucing. Saha nu beunang kacabak boh tonggongna atawa salah sahiji awakna maka eta budak kudu jadi ucing. Tegesna, nu jadi ucing tugasna ngudag nu lian, jeung tugas nu sejenna nyaeta lumpat ngajauhan nu jadi ucing.
Ucing Nagog
Ucing nagog nyaeta ucing-ucingan nu tugasna ngudag barudak, sangkan ngagantikeun jadi ucing. Tapi barudak bisa teu jadi ucing lamun barudak nagog atawa cingogo. Nu cingogo bisa hudang deui lamun baturna ngabelaan ku cara nyabak kana pananganna. Ucing boga tugas oge keur ngajagaan nu nagog sangkan teu dihudangkeun ku babaturana.
Ucing Sumput
Ucing sumput nyaeta ucing-ucingan anu tugasna neangan barudak nu nyumput. Tegesna mun, nu pangheulana beunang maka eta nu jadi ucingan ngan, kudu dugika sadayana kapanggih ku nu jadi ucing. Baturna nu can kapanggih tiasa ngabelaan baturna nu geus kapanggih nyaeta nyabak tempat meungpeun ucing saratna ulah kanyahoan ku ucing.
Ucing Kepung
Ucing kepung nyaeta ucing-ucingan anu tugas utamana ucing kudu ngudag eta barudak nu lalumpatan. Mun barudak beunang katewak atawa kacabak maka, boga kawajiban keur ngilu ngudag nu sejena, oge saterusna dugika kabehan beunang kakepung. Nu ngaganti jadi ucing nyaeta nu beunang tiheula.
Ucing Patung
Sakumaha ngarana ucing patung nyaeta nu beunang ka cabak atawa ka tewak ku ucing bisa jadi patung keur nyalametkeun sorangan. Ngan, saratna ulah dugika gerak iwalti mun dibelaan ku batur nusejenna. Nu jadi patung biasana teu meunang oge seuri komo deui lamun ngobrol, mun kanyahoan maka jadi ucing.
Mangpaat Ucing-ucingan
Ucing-ucingan nu jadi kaulinan khas barudak sunda, kacida loba pisan mangpaatna. Mangpaat ucing-ucingan utamana nu ngenaan kasehatan pisik jeung ngaekspresikeun kabungahan barudak arulin jeung babaturanna. Leuwih jentre mah urang tilik hiji-hiji.
Kasehatan Fisik
Utamana ucing-ucingan mah ngagunakeun tanaga jeung kakuatan fisik, sabab lamun barudak lalumpatan bakal ngagerakeun kabeh anggota badanna nu bakal nyehatkeun kana awak. Ilaharna saking resepna kana ucing-ucingan dugika kesang teh sok ngabasehan kabeh awak.
Kacerdasan Sosial
Barudak sunda mah kawentar ku sabilulungan nyaeta sok gotong royong, kerjasama jeung sok resep babarengan. Kukituna oge tina eta ucing-ucingan bakal ngamumule persatuan jeung ngadekeutkeun barudak jeung babaturana. Silih asah silih asih silih asuh ceuk paribasa mah.
Ngalatih Sportifitas
Ngarana oge kaulinan nya barudak kudu bisa jujur mun jadi ucing atawa kacabak ku ucing. Nya, ninggang elehna ulah ceurik ninggang meunangna ulah adigung adiguna. Spotifitas anu diajegkeun ku barudak nyaeta sikap mulang tarima kana hasil tina ucing-ucingan.
Ngalatih Mental
Salian ti ngalatih fisik anu kuat oge barudak nu ucingan mah keur dilatih mentalna. Nyaeta lamun nasibna jadi ucing kudu kuat mental ngalawan barudak nu sok resep ngahojok-hojok, moyokan, atawa ngaheureuyan ka nu jadi ucing. Jadi ucing mah kudu bisa ngabuktikeun yen urang teh kuat mentalna kuat oge fisikna.
Pit jeung Cak
Ngenaan ucing-ucingan nu kacida loba nu ilaharna diulinkeun ku barudak sunda, tangtu leuwih ti lima sapertos anu disebuakeun. Nyaeta tea, tiap daerah sok ngabogaan ucing-ucingan anu khas jeung aturan sorangan. Ngan aya aturan nu bisa ngabatalkeun nyaeta "pit" jeung "cak".
Kecap pit ilaharna digunakeun keur ngabatalkeun kalakuan barudak. Samentara cak nyaeta kecap keur ngabatalkan pit, nu kedah di ucapkeun ku ucing. Saratna, antara ucing jeung barudak kudu paheula -heula ngecap.
Nah, mung sakitu dulur catetan ti kuring wengi ayeuna mah. Susuganan isukan urang bisa tuluy deui nulis nu sejena. Tangtu dulur nu ngaos kana ieu artikel gaduh pangalaman oge anu ngenaan ucing-ucingan sok atuh komen dihandap.

Komentar
Posting Komentar