Langsung ke konten utama

Diajar Basa Sunda Lewat Ngeblog




Kiwari jaman beuki maju, kukituna urang tiasa ngamangpaatkeun ieu kamajuan ku laku lampah anu matak ngadatangkeun mangpaat oge, salah sahijina ku cara nulis. Nulis tangtuna ngabutuhkeun katerampilan jeung nyaho kana elmuna diantarana nyaeta elmu ngagunakeun media. 

Media nulis dijaman ayeuna loba pisan kacida, salian ti ngagunakeun kertas atawa komputer ayeuna mah bisa oge ngagunakeun media sosial atawa blog. Salah sahaji, media anu dipake ku kuring nyaeta blog kusabab kitu ieu carita ngenaan ngeblog. 

Naon Ari Blog Teh?


Sabenerna mah blog teh lain benda asing deui keur balarea mah. Soalna, mun ditilik dina sajarahna blog teh geus aya ti jaman 90-an. Rame-ramena mah waktos nincak di taun 2004-an kadieunakeun weh, blog rada di tinggalkeun soalna loba pisan media sosial anu leuwih efektif kabaca ku balarea. 

Dina sapalih katerangan blog teh nyaeta singkatan tina web log, nya lamun di artikeun kana basa sunda nyaeta website pikeun nulis anu mangrupa catetan. Catetan anu dimaksud nyaeta anu ngenaan jeung aktivasi sorangan, bisa oge dipake curhat atawa dipake nyebarkan sagala rupa elmu. 

Sahenteuna blog nyaeta website anu eusina tulisan wungkul jeung sok di update tuluy-tuluy. Bisa sapoe sakali, saminggu sakali, atawa sakadaekna. Sangkan blog anu dijieun ku urang tiasa ngondang tamu-tamu nu maca kana eta blog. 

Naha Blog Make Basa Sunda?


Sabenerna ngeblog mah bebas rek make basa naon wae asal kaharti, jeung aya eusi anu ditepikeun ka nu maca. Hanjakalna, kuring sorangan ge asa hese neangan blog anu make basa sunda, pedah moal populer tea meren. Ku kituna kuring mikir yen mun nyieun blog make basa sunda jigana leuwih hade sabab beda jeung nu lian.

Nu puguh mah kuring sorangan asa leungiteun ieu basa indung. Anu sakuduna dimumule ku urang sunda, geuningan beuki dieu malah naringgalkeun padahal, basa sunda nyaeta warisan karuhun-karuhun nu kacida berhargana. 

Salian ti eta kuring oge rumasa teu capetang nyarios basa sunda, teu apal pisan kana unduk usuk basa sunda sabab katalian ku tanggung jawab moral nepikeun mantengkeun kana hate hoyong diajar deui basa sunda. Manawian lamun diajar ku nulis mah bisa tambih-tambih kecap jeung katarampilan basa sunda. 
Sulaeman Daud, lahir pada 7 April 1996. Asal Sukabumi, Sekarang berdomisili di Kota Tangerang pekerjaaan buruh serabutan nyambi menulis blog biar tetap waras

Komentar

© 2020 BLOG KURING

Designed by Open Themes & Nahuatl.mx.